Selamat Datang

Sabtu, 06 Oktober 2012

TEMBANG PANGUPAH

Pupuh Sunda

TEMBANG PANGUPAH

beunang

Sopyan Hardyansyah

(Kinanti)

Hayang ceurik bari ngapung

Tas ngapung arék ngadangding

ngalilipur lara rasa

Ari teun ngagugu batin

hamo manggih jeung sudana

ilahar nu sulit ati.

Abdi mah dirungrung bingung

Teu weléh dicambuh ati

mulak-malik rarasaan

Numawi eunteup prihatin

kumaha nya ngubarana

kapeurih teu euih-euih.

(Sinom)

Aduhai kembang samoja

meni lucu lir nu geulis

kapareng ayeuna lara

arek ngiring téh numawi

kapan indung miasih

satia masih ka rumrum

abdi jadi harepan

sugan bisa ngajait

yuswa malar mangpaat jang nu lian.

(Asmarandana)

Éling-éling diri abdi

isuk jaga bakal senang

ayeuna mah enya hésé

numawi sabaran heula

ulah aral subaha

lurak-lirik ka katuhu

batur seueur di coba.

Kamis, 20 September 2012

TI JALAN KA LAWANG

PUISI SUNDA KONTEMPORER

TI JALAN KA LAWANG

ku:

Sopyan Hardyansyah

Di sanggeum ku abdi nun... hamo teuing naha, kedah asak hampura lin?

Sapada urang miboga babad, karaos

Gusti tas ngatur sagalana, uingah kari percanten, taya nu sia-sia lin?

Mémérés purubui ci mata, pon ngarencana kabagjan hamo manggih tungtung,

sidik urang carita masih panjang,

numawi dibantun disanggem.

Ci soca nu kungsi murubui, tas gogoplakan, asak mingkin? Malih wanda jadi katumbiri....

Heuheuy deudeuh....

Ti jalan ka lawang, kalan bagja, sangsara, surak, laju ramisak; muter...

kitu rupina mah nun....

Kalangkang rék di engkeun disimpen, babad mo dipiceun,

malah arék di peuyeum dina sagara sukma anu wening.

Sugan jadi penyeungit.

Asih....

Asih....

Asih....

Selasa, 18 September 2012

WILUJENG SUMPING

Wilujeng Sumping

Wilujeng sumping... di wéb http://www.gapkesusastraan.blogspot.com/. Hatur nuhun tas anjangan. Mugi saparantosna ngaos catetan ti ieu wéb, aya sakedik nu tiasa di bantun ku para mitra, khususna dina konteks budaya jeung kasusastraan.

Panulis sadar, ieu wéb teu luput ti kakurangan, kumargi kitu... pangdeudeul anu ngabangun dipiharep, minangka keur kamajuan ka payunna. Mo panjang-panjang teuing, sumangga didieu saaya-aya....

DIAJAR

FIKMIN SUNDA – DIAJAR

FIKMIN# Diajar

“Barudak... ieu mah étang-étang pakaulan, sangkan teu hariwang teuing daria miboga guru siga kula. Kop, saaya-aya nya... heuheuheu :-). Ieu wéb teu mutlak jadi référénsi, margi ieu mah han sabagian leutik baé ti cara kula pikeun mapahkeun tanggung jawab nu jadi guru pikeun murid-muridna” cekéng bari ngusapan layar komputer “teu kedah di kelas baé nja pelajaran, di tempat mana baé jeung saha baé, ulah luput ti diajar, margi diajar téh luas kontéksna” cekéng laju neruskeun piomongeun bari mencrong laju ngusap deui layar komputer.

Total Tayangan Halaman

Search