Selamat Datang

Sabtu, 06 Oktober 2012

TEMBANG PANGUPAH

Pupuh Sunda

TEMBANG PANGUPAH

beunang

Sopyan Hardyansyah

 

 

(Kinanti)

Hayang ceurik bari ngapung

Tas ngapung arék ngadangding

ngalilipur lara rasa

Ari teun ngagugu batin

hamo manggih jeung sudana

ilahar nu sulit ati.

 

Abdi mah dirungrung bingung

Teu weléh dicambuh ati

mulak-malik rarasaan

Numawi eunteup prihatin

kumaha nya ngubarana

kapeurih teu euih-euih.

 

(Sinom)

Aduhai kembang samoja

meni lucu lir nu geulis

kapareng ayeuna lara

arek ngiring téh numawi

kapan indung miasih

satia masih ka rumrum

abdi jadi harepan

sugan bisa ngajait

yuswa malar mangpaat jang nu lian.

 

(Asmarandana)

Éling-éling diri abdi

isuk jaga bakal senang

ayeuna mah enya hésé

numawi sabaran heula

ulah aral subaha

lurak-lirik ka katuhu

batur seueur di coba.

Total Tayangan Halaman

Sabtu, 06 Oktober 2012

TEMBANG PANGUPAH

Pupuh Sunda

TEMBANG PANGUPAH

beunang

Sopyan Hardyansyah

 

 

(Kinanti)

Hayang ceurik bari ngapung

Tas ngapung arék ngadangding

ngalilipur lara rasa

Ari teun ngagugu batin

hamo manggih jeung sudana

ilahar nu sulit ati.

 

Abdi mah dirungrung bingung

Teu weléh dicambuh ati

mulak-malik rarasaan

Numawi eunteup prihatin

kumaha nya ngubarana

kapeurih teu euih-euih.

 

(Sinom)

Aduhai kembang samoja

meni lucu lir nu geulis

kapareng ayeuna lara

arek ngiring téh numawi

kapan indung miasih

satia masih ka rumrum

abdi jadi harepan

sugan bisa ngajait

yuswa malar mangpaat jang nu lian.

 

(Asmarandana)

Éling-éling diri abdi

isuk jaga bakal senang

ayeuna mah enya hésé

numawi sabaran heula

ulah aral subaha

lurak-lirik ka katuhu

batur seueur di coba.

Search