Selamat Datang

Jumat, 14 September 2012

RASPATI

FIKMIN SUNDA

FIKMIN – RASPATI

ku

Sopyan Hardyansyah

Dina sawanganna, kasorang seungit malati awun-awunan, anggur héjo ting gulantung, apel beureum tas sayogi di méja, katut para abdina haradé omé. Raspati (wanara beureum – calon raja) gogodég. “Emh ai...” halonna, bari cireumbay mangsa iket panutup matana dibuka, nu mangsa harita laju disingareupkeun ka wilayah sarta ka para rahayatna; ku abdina. Bau taneuh garing, beuki nyedek kana tikorona. Sabangsaning budak buncir; ngorong – sareuseurian bari ngusapan beuteung dihareupeunna. Lian ti éta, susukan sarta talaga saat, taneuh rarengat, huma, kebon, sarta sawah paromanna hideung; balas nu tas diduruk. Laju leungeunna ditutupkeun. Cipruk kadua leungeunna.

“Jaya Raspati!” Sora rahayat pating timbalan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Total Tayangan Halaman

Search