Selamat Datang

CARPON: KAHATUR PAMINGPIN LEULEUS LIAT

PUISI SUNDA

KAHATUR PAMINGPIN LELEUS LIAT

Udin jamedud. Dina sajeroeun dadana aya katugenah mangsa geusan méré kamandang ka sakadang Lin (salah sahiji calon ketua nagara Iimplengan).

“Nyah ceuk uing gé, satamah, euy?” cekéng neugtreug.

“Heu.euh, ri teun da nyah piraku teuing, di omongan kumaha, teu di omong deui kumaha. Dicarékan piraku, teu di carékan... sidik tara ngarti jalmana? geus euy urang mah ti wangkid ieu tuturkeun wé naon hayangna, tong loba omong, leuheung mun didangu ku jejewirna” cenah omong babaturan bari ngunggeuk-ngunggeukeun sirahna. Geusan kitu laju ngelepus udud.

“Cekéng téh: ayi... pami teu sanggem janten pupuhu mah, atos wé atuh, angguran percantenkeun ka batur... éh da naha... heuras ala batan ti batu euy huluna téh! Malah manjar ngaing nu dicarékan! Diingetan téh, nu asih dipulang seungit. Bebel!” Cekéng rada ambek.

“Heu.euh keun wéh antep, ulah geureuh ulah carék, marukna jadi pamingpin téh kumaha nyah?”

“Lain meureun euy, dina otakna mah jadi pamingpin téh séksi; loba duit, katanggar ku jalma loba, ditanggeuy. Padahal disatukangeunana mah pada ngamarényonan tatéh, pada ngaléléwé, jeung pada disupata ku batur mun gawé teu alus téh nyah?”

“Geus jing ah, sidik kandel kulit beungeut jalma éta mah, omong réa ti batur gé, moal dianggap, siga anjing ngagogogan kalong. Malah manjar pidosaeun keur urang. Jep ayeuna mah. Répéh”.

“Heu.euh euy hanjakal boga picaloneun pamingpin téh, jaba ti teu démokrasi, leuleus liat deuih, di gebrag gé sigana mabur; pilih rahayat atawa kabur! Pasti jawabana moal bina ti kabur euy. Pamingpin leuleus liat mah di ténjrag gé mabur. Kabur mas brooo yu... ah!” omong cekéng bari nyiwit susu babaturan.

“Sia ku ngaing nu kudu di bebekna ieu mah” omongna bari ngusap-ngusap susuna nu tadi kukuring di ciwit. Ger tidinya kuring jeung babaturan bisa lepas sareuseurian.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Total Tayangan Halaman

Search