Selamat Datang

Kukupu Beusi

Carpon Sunda

KUKUPU BEUSI

ku

Sopyan Hardyansyah

Pajaratan lalénglang, sanggeus hiji-dua jalma naringgalkeun. Kembang rampé mayak dina kuburan. Taneuh beureum masih kénéh baseuh galian dina tungtung paningalna. Lebah keuyeumbeu ci socanasakolébat mangsa katukang nganjangan deui, lir film nu diputer. Langit pajaratan simpé, mentrang srangéngé beuki mentring.

Dina lebah keuyeumbeu ci socanaébréh budak peupeureudeuyan, geusan indungna mulaskeun nu haseum kana létah budakna.

“Ari ieu naon?” Tanya indungna halon. Létah budak kadangu cuplak-céplak,- nebak-nebak wanda naon nu bieu di ulaskeun kana létahna. Sora sakabéh simpé, nu teu simpé ngan céplak budak.

Asem…,” ceuk budak bari gégétrét; sedengkeun indungna nga-emh hungkul dina jawabna. Singket.

“Ari nu ieu…”

Pih! Asin!” ceuk budak bari ciciduh.

Mata budak masih kénéh di tutup ku lalambaran kaén hideung, mana aya kanu tilu sénti mah kandelna. Leungeunna (budak) rumpa-rampa, siga teu apal kana ngaran wanda sakurilingna; padahal budak geus umur tujuh belas taun. Keur meneran kitu, indungna nyokot hiji wanda, tuluy di singhareupkeun padeukeut jeung leungeun budak nu keur rumpa-rampa.

“Ari ieu naon…,” sora indungna deui. Budak ngocéak, geusan ngarampa hiji wanda. Panashan sakitu nu karasa, laju kitu, budak ceurik nginghak - ngamuksagala di babétkeun; sedengkeun matana tetep katutup ku kaén hideung lilipetan. Budak tuluy di deuheup masing enyana. Kaén laju di buka sakedik-kedik. Geusan dibuka kabéhbudak tuluy tanggah kaluhur, balas siga nu bébéja. Béh katinggal kunu jadi anakna, cai wening ting calangkrung dina lolopak mata indungna.

Deudeuh teuing anak ema…” cenah sorana kakuping beurat dareuda. Celepot pipi budak diciuman.

Ulah ambek ujang nyahbisi jaga manggih ka poéktah ti ayeuna, meungpeung ema ayaujang geus di wanohkeun kana poék, sanaos poék jijieunan, sing jadi conto nyahulah sagawayah jangji lumat-lamot, komo daék ngarampa wanda nu can puguh piuntungeunana, sacan hidep mikir mulak-malikkeun pikirnajan sangsara kokoro nyoso, ceuk nu dipikaasih ku ujang ieu naonulah! Ulah sakali-kali cunduk patuh tur wawanian ngajawab, mun ujang tacan wawuh bener, bisi ku bisi ujangema rék tatan-tatan ti ayeuna, omaaat sing inget nyah ulah poho!” cenah, bari celengok deui budak di cium.

Manéhna, saurang pangacara, dina hareupeun kuburan kiwari nginghak, lambeyna ngageter tur saeusining dada nu karaosna kataker gegeduran. Cahya srangéngé beuki nyérabkeun. Sirahna karasa lungleng. Gedebut manéhna labuh nangkuban.

Hampurrra ma… uing téh pohooo…” cenah, ceuk sorana halon tur laun manan ti sora angin.

1 komentar:

  1. Sae pisan MasBro, tapi ieu Blog teu aya widget do-follow, janten sesah bade follow na langsung teh.

    BalasHapus

Total Tayangan Halaman

Search