Selamat Datang

NGARAKRAK RANGGEUYAN PEPENDEMAN

PUISI SUNDA

RANGGEUYAN PEPENDEMAN

ku

Sopyan Hardyansyah

Ngarakrak rangeuyan pependeman,

dina kawening, jero kasimpé

sarohangan dada, aya nu ngabungbulak sajenis kangen

sabaraha asma mindeng hideng ngawirid sorangan na pipikiran,

saha salira?

Iraha urang rék tepung kieu, sidik dia mah goib

poé ka poé, haté remen galécok, tapi jeung saha?

Dia nu mana? Sobat ti lahir?

Ayi... atanapi aka baé kitu nyah nyebatna...

mindeng uing diri ditangkeup kakangen,

hayang di kieuna urang silih réndéng pasidik-sidik paroman séwang-séwang,

silih tangkeup silih deuheup ku kahéman, silih titip pepesenan...

luas teuing ka goib, najan taya di kieuna...

tapi urang remen galécok lin?

Yi... ka... haturan nyanggakeun salam ti uing,

Assalamu’alaikum, bismillahi rohmannirrahim....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Total Tayangan Halaman

Search