TURUNAN SIGER TENGAH
ku
Sopyan Hardyansyah
Balik sakola budak ngagukguk, teu euih-euih. Kantong di babétkeun tur
sapatuna kitu di alung-alungkeun. Kesel, budak
dijiwir ku indungna. Atuh méwék.
“Kunaon ari nyanéh, datang-datang…,
teu puguh-puguh ari teun téh?”
ceuk indung budak, bari
cecelengkeungan.
“Kunaooon?” tanyana deui. Budak kalah beuki narikan ceurikna.
“Pédah teu ngarti wanda
‘koh-kol’ Ujang di sebut gumedé , piraku cenah
turunan urang kampung teu apal
kana kohkol-kohkol acan?” jelas budak bari
euih-euiheun. “padahal
da lain ku gumedé-gumedé teuing, sidik pan teu apal”. Sambungna deui.
“Nya heu.euh
moal apal kana basa kohkol, da ti manéh leutik
gé geus jarang
anu maké, mun stik drammm
tah… nyaho teu kana stik drummm?”
ceuk indung budak bari
dareuda. Sedeng budak masih ngaguk-guk.
“Hen.teu… eueueu….” Jawabna kacacag-cacag ku
euihna. Indung budak gégétrét.
“Heu…h, kampung henteu kota henteu atuh
ari kitu mah” bari
ngaléos ka pagon. Budak kalah beuki narikan ceurikna, teuing kunaon.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar