Selamat Datang

PANTUN SUNDA

PANTUN NU KASMARAN

PANTUN NU KASMARAN

 

ku

 

SOPYAN HARDYANSYAH

 

 

 

 

Lalangenan-lalangenan/

di kawih handapeun haur/

kamana atuh jungjunan/

diri asa palalaur//.

 

Kapaur urang balangkeun/

kaitu ka sebrang wétan/

kapaur mo di bayangkeun/

inggis janten kanyataan//.

 

Boréléng mata lodaya/

kaémutan siang wengi/

ngantos-ngantos nu teu aya/

sok rungsing siang jeung wengi//.

 

Naha bulan teu cahyaan/

tikamari jeung ayeuna/

hanas abi percayaan/

salira ingkar janjina//.

 

Seupan waluh angeun kacang/

sampurna tambahan peda/

hate abdi tos ka cangcang/

buktosna dug-deg di dada//.

 

Pamélét si leugeut teureup/

mun keuna sok guling gasah/

mun macem-macem yeuh peureup/

lumayan da meunang ngasah//.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Total Tayangan Halaman

PANTUN SUNDA

PANTUN NU KASMARAN

PANTUN NU KASMARAN

 

ku

 

SOPYAN HARDYANSYAH

 

 

 

 

Lalangenan-lalangenan/

di kawih handapeun haur/

kamana atuh jungjunan/

diri asa palalaur//.

 

Kapaur urang balangkeun/

kaitu ka sebrang wétan/

kapaur mo di bayangkeun/

inggis janten kanyataan//.

 

Boréléng mata lodaya/

kaémutan siang wengi/

ngantos-ngantos nu teu aya/

sok rungsing siang jeung wengi//.

 

Naha bulan teu cahyaan/

tikamari jeung ayeuna/

hanas abi percayaan/

salira ingkar janjina//.

 

Seupan waluh angeun kacang/

sampurna tambahan peda/

hate abdi tos ka cangcang/

buktosna dug-deg di dada//.

 

Pamélét si leugeut teureup/

mun keuna sok guling gasah/

mun macem-macem yeuh peureup/

lumayan da meunang ngasah//.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Search