Selamat Datang

PUISI SUNDA KONTEMPORER

Puisi Kontemporer Sunda: KAHATUR GILANG RAMADHAN SOBARI

KAHATUR GILANG RAMADHAN SOBARI

beunang

Sopyan Hardyansyah

Ang kumaha damang...? Awis tepang nyah ayeuna mah....

Mangga nyanggakeun pangrakrak sajak motipasi ti sim uing.

Kang Gilang!

Mangka jalan masih ngebat panjang,

tur srangéngé teuing iraha pareumeuna,

da urang mah betah pan di marcapada?

Sarewu taun mah, masih pondok keur umur urang nyah?

Sapanjang jalan ang... karaos...

mangpirang-pirang babad nu can, pon nu tas kasorang, urang masih poékeun kana naon hikmahna, padahal... mata mah urang pada boga nyah?

Ang... sim uing tas kagitik ku sakedik pangalaman,

sakapeung nyakakak! Ngajerit! laju ramisak méakeun sésa cakakak

Boa ang, Allah masih gantung dangueun kana cakakak urang

Hayu ang urang nyakakak deui! Ngajerit! Laju ramisak méakeun sésa cakakak,

margi, Gusti héman kana ciciptaanana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Total Tayangan Halaman

Search